Rabu, 02 Maret 2011

BUDAYA SUNDA


KAWINAN
A.    Sajarah Mimiti

Adat pernikahan sunda teh teu juh beda jeung adat pernikahan suku jawa saleresnamah, cenah baheulana aya urang  jawa anu nyeri hate (tiasa di tingal dina carita peran Bubat). Pami nyarioskeun mas’alih adat penikahan suku sunda singketna siga kieu ; Adat sunda ngarupakeun salah sahiji pilihan calon panganten nu arek ngarayaken pesta pernikahanana, hususna mah panganten nu asalna ti sunda. Nanging dina rentetan acarana aya sababaraha acara nu sok dipedalkeun, diantarana nyaeta :

1.      Neundeun Omong, Nyaeta omongan kolot atawa utusan tipihak lalaki nu arek ngalamr ka hiji istri.
2.      Lamaran, Dilaksanakeun kukolot calon panganten jeung kulawarga nu deukeut. Ditambah ku hiji jalma nu dijieun kokolot piken mingpin upacara, bari mawa babawaan ditambah saperangkat baju istri pikeun meungkeut si eta istri.
3.      Tunangan, Dilaksanakeun “Patukeur Beubeur tameuh”, Nyeta mikeun beubeur nu warna-warni (pelangi) atawa polos ka si istri.
4.      Seserahan, (3-7 poe samemeh pernikahan). Calon panganten lalaki mawa duit, pakean, parabot rumah tangga, parabot dapur, dahareun jeung sajabana.
5.      Ngeuyeuk seureuh, (Lamun ngeuyeuk seureuh teu dilaksanakeun, maka seserhan dilaksanakeun samemeh akad nikah.)
a)  Dipingpin pangeuyeuk
b)  Pangeuyeuk miwejang, kadua calon panganten supaya menta idin jeung do’a restu ka kolot (indung jeung bapa).
c)  Diberengan lagu kidung, ku pangeuyeuk
d) Disawer beas, Supaya hirup sejahtera.
e)  Parebut duit, di handapeun samak bari di sawer. Ngalambangkeun paheula-heula neangan rijki jeumh dipikanyah kulawarga.
f)   Dikeprak ku sapu nyere, di berengan nasaehat supaya silih mikanyaah jeung mikaasih sarta kudu daek ikhtiar neangan rizki nuhade.
g)  Muka kaen bodas kernutupan pangeuyeuk. Ngalambangkeun rumah tangga nu arek disorang masih keneh beresih.
h)  Meulah mayang jambe jeung buah cau, (kucalon panganten lalaki), Nandakeun supaya duanana silih mika asaih jeung kudu bisa nempatkeun diri.
B.     Rentetan upacara pernikahan
1.      Mapag calon panganten lalaki, kuutusan tipihak istri
2.      Ngabageakeun, kolot awewe ticalon panganten istri mapag tuluy makekeun kongkorong kembang malati ka calon panganten lalaki, tuluy diaping ku dua kolot calon panganten istri pikeun asup ka bale nyungcung (pelaminan).
3.      Akad nikah, petugas ti KUA, para saksi, panganten lalaki geus aya di tempat nikah. Kolot mapag panganten istri ti kamar, tuluy di sinah diuk dibelah kencaeun panganten lalaki tuluy di tiungan ku tiung panjang, anu hartina ngaijiken dua insan nu masih keneh murni,. Tiung anyar di buka pas panganten arek nanda tangan surat nikah.
4.      Sungkeman,
5.      Wejangan, ku kolot lalaki panganten istri atawa kulawargana
6.      Saweran, panganten disinah diuk dinakorsi. Bari disawer pantun awer dinyanyikeun. Pantun nu eusina pituah utusan kolot panganten istri. Panganten di payungan ku payung nu gede bari di saweran beas atawa koneng kaluhuren payung.
7.      Meuleum harupat, panganten istri ngahurungkeun harupat kulilin. Tuluy di seblok eta harupat teh ku cai tina kendi, tuluy eta harupat teh dipotongkeun ku panganten lalaki.
8.      Nincak endog, panganten lalaki nincak endog nepikeun ka peupeus. Tuluy suku aunu urut nincak endog teh di kumbah ku cai kembang jeng di elap ku pnganten istri.
9.      Ngibakan atawa siraman Nyeta Ngamandian calon panganten istri  supaya beresih lahir jeung batin samemeh asup kana acara pernikahan. Acara pernikahan di pedalkeuna nyaeta tibeurang, di tempatna calon panganten istri. Keur umat muslim mah sok di piheulaan ku pangajian jeung pembacaan do’a hususna keur calon panganten istri.
10.  Ngaras, Nyaeta mangrupakeun permohonan ijin calon panganten istri tuluy ngumbah suku dua kolotna jeung di teruskeun ku sungkeman
11.  Siraman, Di barengan ku kacapi suling atawa sholawat, calon panganten istri di bingbing ku ibu nu ngarias bari ngajugjug tempat siraman jeung nincak tujuh lapis kaen.
12.  Neukteuk  rambut, nyaeta dilaksanakeuna ku kolotna nu hartina piken ngaendahken diri calon panganten istri lahir jeung batin. Nu saterusna calon panganten istri migawe acara ngeningan (di kerik jeung di rias) keu persiapan acara suapan jeung seserahan
13.  Tanam rambut, kolotna ngubur urut neukteuk rambut calon panganten istri di tempat nu geus di tentukeun.

Rujukan buku
Upacara perkawinan adapt sunda, Eddy Herdiana, PT Suwarnadwipa, Bandung, cetakan pertama, 1980.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar